Kamis, 20 Mei 2010

Anjeun

Tetela geuning yen anjeun teh geulis kawanti-wanti endah kabina-bina, taya bandinganana mun ceuk paribasa mah. Da ceuk kuring mah salira teh lir ibarat bidadari nu turun ti kahiangan. Dedeg sampe rupa hade, camperenik lir putri raja Padjadjaran nu hanjakal gugur di tegal Bubat. Soca rancunit, halis ngajeler paeh, damis manis jeung pameunteu anjeun sieup anteb ngadaun seureuh, dipasieup ku lambey nu ipis tur angkeut lir ibarat endog sapotong. Rambut anjeun nu panjang, hideung meles matak reueus nu neuteup. Seungitna nyambuang mun katebak ku angin leutik, namprakkeun kulit nu umbyang ngalempereng koneng. Anjeun, wanoja nu mikat duriat kuring. Kulantaran anjeun, kuring helok mun nenjo; kuring kataji mun ningali. Kulantaran anjeun, kuring nyuling jeung ngahariring mun keur jempling tengah peuting. Caket anjeun, teu wasa kuring nangtung; matak lanjung. kabandang kuring mun ningali anjeun ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal. Kulantaran anjeun, kuring kapentang asmara kapanah kinasih. Thursday, December 17, 2009 at 1:06pm
Uploaded via Facebook Mobile Andri Munggara...

(Punten, kataji ku tulisanana...! )



Kuring kapelet ku kelet anjeun. Kuring ragrag duriat ka anjeun. Anjeun, mun imut ngagelenyu matak kairut, matak kapincut. Saha nu teu kabandang mun anjeun nu kasawang? Saha nu teu kapincut mun anjeun nu ngirut? Saha nu teu serab tur kataji mun ningali tata titi duduga peryoga anjeun nu lengkep ku wiwaha? Saha nu teu ajrih mun ngadangu soanten anjeun nu halimpu; jeung rumpaka basa anjeun nu lantip? Sagedengeun anjeun kuring sadrah pasrah sumerah, teu kawasa nandangan rasa nu rosa ngagalura dina dada. Payuneun anjeun kuring tungkul sumujud, teu wani paadu teuteup da jajantung oge ratug tutunggulan.

Teu nyaho sacongo buuk, teu nyangka sa gurat lemah yen anjeun keresa nampi kana duriat kuring ka anjeun. Lain bohong lain heureuy, clik putih clak herang, harita kuring ngarasa kagunturan madu, karagragan menyan bodas. Bingah kagiri-giri, bagja kabina-bina. Atra lan pertela geuning kuring teh lain cau ambon dikorangan; lain malati ka pipir-pipir. Wanoja nu beurang kabayang-bayang, peuting kaimpi-impi teh geuning surti tur nyakseni kana eusi hate kuring. Ku jamparing anjeun kuring kapentang rasa; ku paser anjeun kuring kapanah manah ti waktos harita basa urang ngawitan tepang di mumunggang pasir caket tegalan nu jukutna hejo ngemploh, tur dipapaes ku tangkal saliara jeung recetna sora manuk isuk-isuk nu siga ngahaja ngabageakeun jeung nyaksian patepungna urang duaan.

Naha anjeun emut keneh basa urang harita leumpang paduduan bari pacekel-cekel leungeun di basisir laut? Langit oge bengras ngabageakeun datangna urang duaan. Panangan anjeun pageuh nyepengan ngabeungkeut leungeun kuring bangun nu embung lesot. Sasakali anjeun metot ngajak lumpat nyingkahan ombak nu nyusul ngarungkup bitis. Sasakali anjeun oge nyimbeuh ku cai laut lalaunan bari imut ngagelenyu. Tuluy urang diuk paduduan handapeun tangkal kalapa, ngobrol bari nyaksian meletekna panon poe tina jero laut. Cahyana koneng, endah jeung waas nenjona. Basisir teh asa ngan ukur nu urang duaan. Endah kusabab anjeun aya di sagedengeun. Srangenge oge jigana nyerengeh seuri ningali urang duaan nu pinuh ku rasa kadeudeuh jeung duriat nu kagambarkeun ku bengrasna langit fajar nu dipapaes ku samburat jingga jeung galura ombak leuleuy nu lamat-lamat nganteurkeun papada eusi hate urang duaan.

Beak kecap beak carita, nu aya ngan ukur sora angen urang anu ratug tutunggulan. Ngadak-ngadak dunya sabudeureun urang oge simpe basa anjeun nempelkeun angkeut kana taktak kuring. Atuh puguh we kuring teu bisa nahan jajantung nu beuki ratug, rarasaan mah asa rek coplok harita keneh. Komo deui ditambihan ku panangan anjeun anu ngalingker kana cangkeng, teu puguh rasa jeung samar polah. Bungah, bagja jeung sagala rasa pacampur, matak nyurucud cimata. Tapi aneh, ratugna jajantung jeung pacampurna sagala rasa teh kalah mere wawanen keur neueulkeun lambey kuring kanu anjeun. Karasa keneh dugi ka ayeuna ge, haneut jeung amisna lambey anjeun. Kaambeu keneh dugi kaayeuna oge, seungit jeung segerna renghap anjeun. Kabayang dugi ka ayeuna oge, teuteup jeung pameunteu anjeun nu teu tiasa nyumputkeun rasa kadeudeuh, kaasih, jeung duriat kanyaah.

Teu wasa kuring nahan rasa deudeuh jeung asih ka anjeun. Harita pisan kuring kedal, ngebrehkeun eusi hate nu geus lila nyaliara minuhan lolongkrang dina jero dada. Anjeun oge pasrah sumerah sapatekadan bari neuteup geugeut mani anteb. Duriat urang ngahiji taya nu bisa mungpang ngahalang-halang. Teu kawasa megatan panasna seuneu cinta nu budal, nerekab, ngalentab jiwa jeung raga dina waktos harita. Kecap, basa, jeung carita jigana teu cukup ngarampa jeung ngedalkeun galura jiwa nu rohaka. Antukna, anjeun nyangsangkeun damis dina dada kuring bari nangkeup geugeut pageuh. Anjeun nyegruk ceurik balilihan lantaran bungah asa peupeus bangbaluh, rengse tina lalangse.

Angin laut isuk-isuk nu rada haneut ngahiliwir nebak dangdaunan nu ulang-ulangan bangun ngagupayan. Ombak laut lalaunan ngusap keusik bodas basisir, ngabaseuhan, ngaheman tur ngariksa sela-sela babatuan bari meupeuskeun sorana. Sora manuk laut ge hawar-hawar mapaes kedalna cinta urang duaan. Srangenge nu tadi nyerengeh bari mencrong moncorong ka urang duaan, ayeuna mah siga nu ngabalieur lantaran serab ningali dua insan, jajaka jeung wanoja, nu silih kedal jangji pasini rek saling ngariksa jeung ngajaring. Serab nenjo tekad anu buleud arek langgeng pada-pada neundeun cinta jeung kadeudeuh nu geugeut pageuh.

Geulis, naha salira emut keneh kana jangji pasini urang duaan waktu srangenge ngabageakeun di basisir nu nyakseni? 


Sumber Gambar :
justnotemyfile.blogspot.com

Tidak ada komentar:

Laman